Biantara Panampian Calon Panganten Pameget

PANCEN PRAKTEK BASA SUNDA
“Panampian Calon Panganten Pameget”
Wasta   : Ratnasari
Kelas    : XII-IPA-3
NIS       : 091010224
SMA Negeri 1 Singaparna

Asalamu’alaikum Wr. Wb.
Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Kalayan rahmat sareng karunia ti Manten-na, alhamdulillah dina dinten ieu urang sadaya tiasa riung kempel dina ieu pajemuhan, dina raraga silaturahmi. Kalihna ti éta, urang kempel téh insya Alloh seja tumut kana pidawuh Alloh kalih Rosulna, nyaéta ngalaksanakeun walimatunikah. 
Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi'in tabi'atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin.
Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!
Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami dimulyakeun ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu didugikeun ku wawakilna, nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah, beuneur eusina jembar pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si jalak ngelak, si kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng baris cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun datang bulan, ayeuna ugana datang.
Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah ditampi sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu ge sami-sami, sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si ujang ka ki besan, dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya.
Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, datang dijajap ku rama, kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging pang rujuk ti sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu ngahero jonghok rebo ku gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi sesebitan, nu diantio jinis jisimna sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujang wasta cep Muhamad Nurawaludin jajaka nu titih surti ngaji rasa, nu duduga tur peryoga, teu renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana.
Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan tuh gunung nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar, ku madu ka asih, muga-muga hejo lembok, lir ibarat bibit tumuwuh di tanah subur. Mung eta nu ulah kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal talutug nahun tea, seukeut teu karana diasah, keur mencug batu nugar cadas, di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun.
Ki Besan!
Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci ninggang uga, diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran, renung sirungna, mayakpak cangkokannana.
Amin ya Robbal ‘alamiin.
Sakali deui ditampi sapamaksadan.
Cag.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Alat Peraga Sederhana Fisika “Kapal Uap”

TOEFL SECTION 1